Jagat Alit

Menyemai Gagasan, Mensyukuri Nikmat Tuhan

Sieun Mulang

Sagara kahuripan geus lila dikojayan
Bari neuleuman kadorakaan
Poho yen kuring kungsi jangji
Ka Gusti

Jangji moal hilap ka Anjeunna
Jangji bakal asih ka sasama

Tapi duh Gusti
Kuring teu wasa nyinglar gogoda
Hirup bolokot ku dosa

Gusti, ulah baeud
Wanci kuring mulang ka Anjeun

Billy Soemawisastra
Jakarta, 13 Juni 2007

Rabu, 13 Juni 2007 Ditulis oleh Billy Soemawisastra | Puisi | Tinggalkan sebuah Komentar